Kamis, 26 Maret 2009

YUNANI TUKANG JAMU

Yunani teh aslinamah arana teh maryani, manehna asli urang jawa tengah tepatna di solo, kabeneran pisan tukangeun imahna teh solokan, jadi manehna kadang nyebutkna teh pas kan rumah gue di solokan. manehna ngilu ngumbara jeung lalakina ka kota Cikampek, barinu ngilu dagang jamu maturan lalakina Mas Parjo dagang baso ceker kebo. Dikota Cikampek mah tos terkenal pisan aya "Baso Ceker Kebo Mas Parjo". lamun malem minggu loba jelema ngantri hayang baso ceker kebo anu tos kakoncara ngonah pisan.

Mas Parjo unggal poe dagang baso ceker kebo, mangkalna handapeun sasak gantung cikampek, biasana sok seep 20 ceker kebo. Nepi ka kiwari basona laku pisan, mas Parjo jadi juragan baso, menehna benghar pisan , ayeuna mah geus kabeuli mobil sagala, mobil anyar toyota avanza, manehna resep jalan-jalan jeung ngeceng ayeuna mah. da ari jualan basonamah ku anak buahna nu lobana lima urang.

Mas Parjo paling datang isuk sakali jam salapan ngontrol doang, saterusna maenhna mah resep ulin. biasa cenah neangan daun muda ceuk mas parjo bari nyengir, huntuna katempo bodas jeung herang da make kawat gigi sagala, ceuk manehna beak lima juta meneran huntu ge cenah.

Buukna ge ayeunamah di beureuman, ngarah jiga si toing seu artis cina tea. unggal poe pake jeans, sapatu kulit jangkung, pokona mah jiga budak ngora bae. mun manehna liwat moni melenghir seungit minyak nyongnyong buatan itali, langsung diimpor ti itali, hargana oge dua juta satengah sabotol.

Mas Parjo baheula beda jenung ayeuna, ayeuna mah gaul pisan, mas parjo teh, disebutna ge embung emas, emang naon cenah, ayeuna mah hayang bos dipanggil na teh.
Mas Parjo mindeng ulin ka Cikopo, rada asup kajero, didinya aya randa moni bahennol arana neng ijah, randa ngora moni bohay, lamun leumpang eplok cendol matak olohok nu nempo, rambutna jiga kembang jambe ngarumbay, persis dewi persik ayeunamah.

Mas Parjo ke edanan pisan ku neng ijah randa bohay. Lamun nganjang teu monang aya nu ngaganggu husus manehna bae, padahal neng ijah teh boga warung kopi. biasana supir angkot nu mangkal teh bari nganjuk kopi ka neng ijah, ti saprak mas parjo sering datang, supir angkot pada nyaho mun aya avanza hideung maranehna tuluy nyingray jiga minyak dina cai, ngajauhan warung nyi ijah. " Neng golis, sok monang sabaraha sapoe dagang kopi teh" ceuk mas parjo. "biasana mah 200 rebu kang" . " wah etamah kocil atuh, ku akang dibayaran 500 rebu sapoe asal maturan bae ngobrol nya" , ceuk mas parjo. " Ah ari akang teu kedah kin aya nu bendu" . "saha nu mawa bondu teh neng. ke dipeser sadayana bondu na ku akang" ceuk mas parjo. " ih dasar aki-aki budeg batur bendu malah bondu teu nyambung ieu mah" gerentes neng ijah dina jero hate. " sanes bondu kang tapi bendu alias ngambek, kang !" ceuk neng ijah." moal aya nu ngambek ka akang mah, neng ke ambekna dipeser, akang tea loba dutina" ceuk mas parjo bari legeg pisan.

Kalakua mas Parjo kitu teh ka denge ku istrina, emba maryani tea, manehna sok nanya ka mas parjo, tapi lain di tembalan malah di ambek, kadang jadi pasea gede. emba maryani mindeng curik, awakna beuki begang, lain tambah lintuh beuki benghar teh malah beuki kuru, nepi ka akhirna emba maryani teh nekad menta di serahkeun, atuh mas parjo atoheun pisan. emba maryani diserahkeun, talak tilu pisan.

Ti harita emba maryani, tuluy nekad hayang jadi TKW ka Saudi cenah, manehna geus buleud tekadna, da di dieu ge lain senang malah nyeri hate. akhirna manehna nyieun pasport

Jumat, 20 Maret 2009

Sijacky Tukang Mabok

sijacky teh kawilang jelema nu pikasebeleun di lemburna, manehna remen pisan nyieun onar, mulai ti nyopet sendal di masjid nepi ngabadog anak embe bogana nini unah. emana oge geus sebeleun pisan gawena unggal poe ngan ukur pulang paling jeung ningalian bujur munding, bari matana rada beureum jeung leumpangna rampual rampeol bari mamawa botol ambeh katingali keur mabok.

Hiji mangsa si jacky beunang mamarasna basa manehna keur mabok di juru imah nini unah, harita aya hayam nyampeurkeun ukur sakilat ku sijacky hayam teh diasupkeun kana jero calanana, " aman siah ku aing pake meuli arak deui nuluykeun abok ah" ceuk manehna. keur kitu nini unah datang bari mamawa bekong eusi kejo basi, tuluy gogoroan hayamna, nu arana Si Ronaldo, nagarah keren ceuk nini unah teh, kapan pamaen bal ti MU oge nu kasep teh si ronaldo, sugan weh hayam nini diaranan ronaldo jadi kasep jiga pemain MU tea. aldo-aldo ceuk nini unah ngagoroan hayamna, biasana hayam teh tuluy nyampeurkeun, ieu mah teu aya ngan aya sora jelema kerek di juru. "kamana si aldo teh nyora geuning euweuh" barang ningali nu kerek di juru ku nini unah dihudangkeun, sihoreng si jacky, " Jeki maneh ningali hayam nini teu si aldo tea" henteu ni boro-boro nempo hayam, anak gajah ge euweuh ni, uing tatadi ge didie teu ningali " ceuk si Jacky. " Duh kamana nya hayam nini teh, mangkaning hiji-hijina meuni angkung badag jiga si ronaldo " nya'ah weh meunang ngingu tileuleutik ayeuna leungit cuek nini unah bari ngalengis " keur kitu katingali si Jacky kuram kireum jeung irungna renya renyu jiga monyet ngambuan buah, sungutna kutap ketap napasna ngahegak " ku naon maneh jeki jiga nu ngeunah pisan " ceuk nini unah " ieu ni . ieu " ieu naon? " teuing ah ceuk si jecky, teu lila sijacky melengking sorana ngagorowok tarik pisan, aduuuuuuuuh bobogaaan aing " atuh nini unah teh molohok mata simeuteun ningali sijacky gogorowokan bari nyekel calana na. " aduh dasar hayam edan siah" nini unah curinghak, " naha maneh nyebut hayam, boa-boa" keur kitu jerit deui si jacky ngajerit aduh buntung jigana mah, bari ngaluarkeun hayam, si ronaldo dina calanana. atuh kontan nini unah teh nyarekanan " dasar jelema gelo siah teu ngari hayam-hayam acan, rek dikamanakeun siah" si horeng bobogaan sijecky di pacok ku sironaldo make tendangan pisang tea, bolana leungit hiji. si Jacky teu nembalan ngan pupuringisan bari ngagegag balik kaimahna ...

Mang Obed Guru Pavorit

Mang obed teh tos teu aneh deui katelahna guru di pikaresep ku barudak sawilayah karawang mah, manehna teh guru sma jeung stm, ti mulai tungtung wetan karawang nepi ka tungtung kidul karawang, jenung oge tungtung kidul nepi katungtung kaler, pokonamah kawilang ider jagat weh manehna teh. mang obed ngajar palajaran kimia nu kawilang rada hese, tapi manehna jarang bener ngajarna teh, sok loba heureuy.